Surat Mang Hanafi

Unknown Selasa, 12 April 2011


Surat Mang Hanafi keur Mang Obana...
Mang Hanafi ngabejakan yen Lybia teh Afrika keneh, Mang Obana sarua ti Afrika katurunan Kenya. Mang Hanafi ngadu'akeun ka Mang Obana sangkan kapilih deui dina Pilpres kahareup. Mang Obana kudu paham yen di lembur kuring teh loba rahayat anu gugur dihantam rudal-rudal Nato jeung rudal anu diluncurkeun tina kapang perang Mang Obana, coba lamun seg kena ka dulur katurunan Mang Obana, kumaha teuing dulur-dulur Mang Obana di Kenya. Kedah emut ka sarakan hade goreng kulawarga afrika. Peupeujeuh Mang Obana kudu jadi pikiraneun anjeun yen kalakuan kitu teh goreng kasebutna. Kuring lain teu hayang mundur tina tahta karajaan/presiden, sabab batur oge loba pamingpin anu hese turun, contoh di nagara Astina pingpinan olah raga maenbal oge hese turunna kunaon ku Mang Obana teu di bom. Heran kuring mah...!! Kahade sakali deui kudu jadi perhatian jeng pikir deui tindakan Mang Obana... loba dulur di dieu teh turunan Afrika. Wassalam Mang Hanafi.
Blogger Template by BlogTusts Sticky Widget by Kang Is Published by GBT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Terima Kasih Atas Kunjungan Anda, Semoga Bermanfaat !!!